Ku Kang’ Cep
(Pengantar Admin: Tulisan yang berjudul asli "Ngimpi" ini ditulis dengan bahasa Sunda, kiriman dari Kang Cep untuk dinaikan di opini Majalah Suara Garut yang saya kelola dulu. Kini, saya tertarik untuk menaikan opini ini di AbuRaksa.com karena dinilai selaras dengan tema konten. Selamat membaca)
Unggal
jalma nu kumelendang di alam dunya ieu, geus moal boa tangtu kungsi ngalaman
ngimpi, boh ngimpi alus atawa ngimpi goreng. Mun ngimpi alus tangtuna ge matak
bagja kana manah, upmana wae, ngimpi jadi pejabat, ngimpi jadi jalma beurat
beunghar, ngimpi lubak libuk loba duit, ngimpi boga pamajikan saopat opat bari
gareulis kabeh, jeung sajaban…, ngan hanyakal ukur dina impian, rasa bagja eta
ukur saliwat, ari waktuna nyaring tina sare mah tangtuna ge eta kabagjaan teh
leungit sakedet netra teu nyesa tapak tapakna acan, nu aya mah nya ukur bisa
seuri koneng we, atawa mun kaparengkeun ngimpi goreng nu nyesa teh ukur ka
keuheul wungkul, naha bet kitu?, nya da
apanan puguh ukur ngimpi tea.
Naha
urang geus sadar, yen urang teh keur hirup di alam dunya anu fana ieu gehakekatna mah apanan lir ibarat ngimpi? , harta, tahta, jabatan, kakayaan,
kakawasaan, kabagjaan sadyana fana, hiji ge moal aya nu langggeng. Hiji waktu
alam dunya ieu geus pasti ku urang baris di tinggalkeun, sakabeh eta ukur
tinggal impian. Kitu deui kasangsaraan, kamalaratan ka ripuh hirup. Kabehanana
malulu palsu, sakabeh kahirupan di dunya ukur nipu jeung baris ukur jadi
katineung wungkul waktu urang jaga mayunan Allah Rabul’izati di akherat.
Kasenangan anu sajati ayana ngan ukur di akherat jaga, kitu deui kasangsaraan
sarta kamalaratan hirup anu langgeng baris di rasakeun di akherat salawasna.
Ku
hal eta, atra jeung tetela sakumaha anu di pertelakeun ku shabat Ali
Karranallahu’wajha, sakumaha di cutat ku Imam Jalaluddin Abdurrahaman
as-Suyuthi, “ An-Nas niyam [un ]. Idza
matu intabahu [ Manusa teh sare. Mun manehna paeh, karek nyaring ] “ ( As-Suyuthi, Syarh ash-Shudur bi Syarh
al-Mawta wa al-Qubur. Kaca.30 ).
Ngaliwatan
patalekan ieu, Imam Ali tandes nembreskeun, yen di alam dunya ieu kalolobaan manusa
teu sadar, lir ibarat jalma keur sare tibra atawa ngimpi. Waktu hirupna ukur di
beakeun pikeun urusan dunya, ngudag pangkat, jabatan, harta kakawasaan sarta
wanita, jeung kapuasan material saliwat anu teu sabaraha. Teu kurang keur
ngudag sakabeh eta tisusud ti dungdung, hulu di jieun suku suku di jieun hulu
bari teu paduli kana hukum halal-haram, pahala-siksa, surga atawa naraka.
Justru maranehna mopohokeun tarekah pikeun kukumpul amal shaleh pikeun bekel ka
alam akherat. Maranehna poho, teu sadar, yen kabagjaan sajati sarta nyata mah
ayana di akherat, tangtuna waktu maranehna mampuh ngaraeh syurga sarta
ngarasakeun sagala kani’matan na ku amal shaleh anu di lakukeun di alam dunya
ieu. Maranehna karek ‘nyaring’ justru waktu di papag ku ajal. Waktu harita
maranehna karek sadar yen sakabeh anu di piboga di alam dunya teh ukur kaulinan
atawa ngimpi. Waktu eta maranehna karek ngarsa kaduhung sagede gunung. Ka aya’an
siga kieu kantos di gambarkeun ku Rasulullah SAW, “ Moal aya jalma anu paeh,
salian ti manehna pasti kaduhung “, sahabat tumaros ka mantena, “ Naha naon ya
Rasulullah bet kaduhung ? “, Rasulullah ngawaler, “ Lamun maranehna ngalakukeun ka hadean, manehna baris kaduhung, naha
teu leuwih loba ngalakukeun kahadean. Mun maranehna ngalakukeun ka gorengan,
manehna baris kaduhung, Naha teu gagancangan eureun ngalakukeun kagorengan. “ ( HR at-Tirmidzi ).
Rasulullah
SAW ku anjeun oge kantos ngemutan ka urang, kumaha ka ayaan urang waktu
ninggalkeun alam dunya ieu “ Unggal jalma anu paeh, dawuhan mantena. “ baris di barengan ku tilu perkara, dua
perkara baris ninggalkeun di satukangeuna, sedengkeun hiji perkara tetep baris
marengan tepi ka liang lahat. Tilu perkara anu baris marengan jalma anu paeh
nyaeta: kulawargana, hartana jeung amalna, Kulawarga jeung hartana bakal baralik
deui, sedengkeun amalna baris tetep marengan dirina. “ (HR. Muslim ).
Kukituna, tangtuna matak hemeng
mun kalolobaan manusa kalahka riweuh jeung urusan kulawargana, atawa ngudag
ngudag harta sarta rajakaya anu geus puguh bakal di tinggalkeun atawa
ninggalkeun dirina, mun mah sakabeh eta mopohokeun dirina pikeun ngalakukeun
amal shaleh anu justru baris maturan tepi ka liang kubur, kacida bodona urang
teh.
Pikeun kasingsaha wae nu pengkuh
ngeureuyeuh ngalakukeun dakwah Islam, dawuhan Rasulullah sareng cariosan Imam
Ali KW di luhur meujeuhna jadi bahan tafakur, ngan tangtuna ge Rasulullah
sareng Imam Ali KW sanes ngajarkeun ka urang kudu mikangewa kana urusan dunya
atawa anti kana dunya. Aranjeuna mung ngemutan ka urang sangkan ulah jadi budak
dunya, di pepene ku kahirupan dunya, anu ahirna mopohokeun amal shaleh anu
baris jadi bekel demi urang hirup di alam kalanggengan akherat. Dina konteks
da’wah hal ieu ngadung harti, ulah nepi kasibukan duniawi, nyiar kipayah,
urusan bisnis,ngurus anak pamajikan jeung kulawarga tepi ka mangpalerkeun amal
dakwah. Tah apanan amal dakwah teh salah sahijina amal shaleh anu baris marengan
urang tepi ka liang lahat, lain kulawarga ( salian ti anak anak urang anu
shaleh-shalehah, tangtuna ge ) atawa harta ( salian ti harta anu di kaluarkeun
dina jalan sedekah jariah sarta amal shaleh sejena ).
Kangarana dakwah tangtuna ge
baris adu haeupan jeung hahalang sarta runga, malahan kasangsaraan sarta ka
waluratan hirup, sakumaha nu kantos di alaman ku pangersa Rasululullah SAW ku
anjeun sinareng para shabatna, ka asup dulur dulur urang anu keur bajoang
nanjeur keun dieunul Islam samodel di nagri nagri nu aya di Asia tengah atawa
Timur tengah, aranjeuna pengkuh ngagem, merjoangkeun sarta ngadakwahkeun Islam,
najan sapopoena hirupna teu tenang, aya dina kasangsaraan jeung kamalaratan,
ngan inget, mun mah urang ka sorang ngalaman, tong keueung tong hariwang !, hal
eta ngan tipuan wungkul ukur saliwat, ka
ripuh jeung kasangsaraan di dunya, ka asup anu ka lakonan dina jalan dakwah,
hiji waktu pasti baris aya tungtungna, ngan anu pastina mah, maot teh salah
sahiji resiko panggedena anu baris di alaman ku sakur jalma anu pengkuh dina
jalan dakwah sarta nanjeurkeun Islam.
Ngan da ari kangarana paeh mah
kabeh ge bakal ngalaman, boh anu dakwah boh anu teu dakwah, Ngan tangtuna ge
kacida pisan mulyana mun urang bisa paeh keur aya dina jalan dakwah.
Mugia dakwah Islam urang ulah
tepi ka pareum atawa paeh, sarta urang bisa jadi para pajoang Islam anu sajati,
Tangtuna, lain di alam impian !.
Wa ma
tawfiqi illa billah wa ‘alayhi tawakaltu wa ilayhi unib.